Puji sareng sykur urang sanggakeun ka Allah anu maha agung dina dinten ieu urang tiasa ngariung patepung lawung, salawat sareng salam mugi tetep ngocor ka kanjeung Nabi Muhammad SAW sareng ka kaluwargina katut kopara sohabatna anu gaduh kamuliyaan, teu hilap ka sadaya umatna…Amin..
Hadirin anu dipikahormat !
Beriman kana qodo sareng qodar jeung seueur ngandung manfaat diantarana nyaeta bisa nguangatkeun kaimanan jeung katakwaan, bisa nyadarkeun yen saenyana sagala sesuatu anu kajadian eta tos diatur ku Alloh swt, sareng ayana qodo jeung qodar bisa numbuhkeun kateguhan hate jeung kasabaran sabab musibah atawa rintangan nu dihareupan eta ngarupakeun katetepan Allah swt, jadi heunteu aya hiji mahluk anu mampu ngarubahna salain izin ti Allah swt, hiji jalmi moal bisa ngahindar atawa ngelak ti katetepan Allah sanajan manehna nyamuni.
Iman kana qoda sareng qodar bisa numbuhkeun ti Allah, sareng bisa ngadorong pikeun terus ngucapkeun syukur ka Allah swt, upami usahana tiasa untung sabab sadar yen kauntunganana ngarapkeun karunia ti Allaoh swt, kaimanan kana qoda sareng qodar bisa ngadorong kanggo bersikap tegar, sabar, sareng henteu putus asa, dina mayunan musibah.
Jeung upami urang meunang musibah jadi bacaan anu sae anu kudu urang ucapkeun nyaeta bacaan istirja
Anu hartosna :
“ saenyana sagala sesuatu anu gaduh Allah swt sareng saenyana nyan Allah urang sadaya mulih.”
Sakieu heula ti abdi, upami aya cariosan anu marenah di hate, abdi nuhun di hapeunten wal affu mingkum…
Kamis, 02 Agustus 2012
Related Post
Contoh Naskah Pidato Bahasa Sunda Tema Kebudayaan Assalamu’alaikum wr. wb. Ibu guru anu ku simkuring dipihormat. Teu kalangkung rerencangan sadaya
Pidato Sunda | Paturay tienung kelas 6 SDAssalamualaikum wr. wbLangkung tipayun sim kuring asmana Bapak,Ibu guru sekolah seja ngahaturkeun r
Pidato Bahasa Sunda | Hikmah Iman ka Kitab-Kitab AllahAsslamualaikum.Wr.WbBismillahirohmanirrohim.Wabihi nastainu ala umuri dunya wadin wasolatu wasalamu
Pidato Bahasa Sunda | Pidato nyambut dina mieling hari Kesaktian Pancasila Assalamu’alaikum Wr.Wb Para saderek sadaya nu sabangsa jeung saperjuangan anu dimulaikeun. Dina
Pidato Bahasa Sunda Assalamu’alaikum Wr Wb Hadirin anu ku simkuring dipihormat., Kersaning Gusti Nu Maha Suci, urang
Pidato Sunda | Masrakat urang masih kénéh seueur anu beurat pikeun nyumponan kabutuhan hirupssalamualaikum Wr.Wb.Aujubillah himinassyaiton nirojim.Bismilah hirohman nirohim.Ashadu ala ilaha i
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
0 komentar:
Posting Komentar
Click to see the code!
To insert emoticon you must added at least one space before the code.